www.sanggaryudistira.blogspot.com melayani jasa pembuatan wayang golek, topeng, patung, dan sebagainya, dengan harga yang paling murah dan hasil yang berkualitas. Jika anda ingin buat wayang golek, topeng, patung, atau pun kerajinaan tangan lainnya yang terbuat dari kayu maka tidak salah lagi, di sinilah tempatnya.

kami melayani pemesanan untuk partai besar ataupun kecil.


Sabtu, 15 Februari 2014

sanggaryudistira.blogspot.com : Lalakon Sang Hyang Nurcahya

Lanjutan dari cerita sebelumnya, disini...

Cerita Wayang - Lalakon Sang Hyang Nurcahya

Maotna eyang Sang Hyang Adhama janten memengen incunna nyaeta Sang Hyang Nurcahya. Anjeuna ngaraos kaduhung margi Sang Hyang Adama kena lara pati. Upami anjeunna masih netepan elmuna Sang Hyang Adhama, pinasti anjeunna bakal kena ku lara pati. Teras Sang Hyang Nurcahya nilar Kusniamalabari bade milari elmu anu hanteu kena ku lara pati sangkan hirupna mulus rahayu lestari abadi.

Sang Hyang Nurcahya ngalalana dugi ka luar batas nagari Kusniamalabari. Di tepis miring anu tumuju ka leuweung liwang-liwung, Sang Hyang Nurcahya papendak sareng Danyang Azazil. Anjeunna dibantun ka talatah Awinda nyaeta wewengkonna para siluman, anu kacida wingitna, poek-mongkleng, sareng tiis-tingtrim, ayanna di puser bumi belah kaler, anu teu kaambah ku cahaya panon poe. Di dinya ayana Tirtamarta Kamandalu, nyaeta cai kahuripan anu kaluar tina mustika mega.

Sang Hyang Nurcahya sareng Danyang Azazil muja ka Gusti sangkan dipasihan Tirtamarta Kamandalu. Lajeng aya mega lalambakan mocoran cai kahuripan tina Sagara Rahmat. Sang Hyang Nurcahya disuruh mandi sareng nginum Tirtamarta Kamandalu. Sang Hyang Nurcahya hoyong ngawadahan eta cai kahuripan nanging teu mawa wadah. Danyang Azazil masihan wadah namina Cupumanik Astagina anu saleresna kagungan Sang Hyang Adama waktu katiup angin puyuh liliwungan lagrag dina teleng Sagara Hideung wewengkonna Danyang Azazil. Cupumanik Astagina gaduh kasaktian sadaya anu diwadahan ku eta cupu moal bakal seep.

Lajeng Sang Hyang Nurcahya kaluar ti talatah Awinda, sareng Danyang Azazil leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Sang Hyang Nurcahya neraskeun lalampahanna sorangan. Di hiji talatah anjeunna mendak hiji tatangkalan anu akarna tiasa ngalantaran hurip kajati mulang ka asal kebo mulih makandangan, sumber kahirupanna alam dunya, anu katelah Lata Maosadi.

Wancina Sang Hyang Nurcahya bade mulang ka Kusniamalabari bingung kasarung teu emut kamana jalanna. Anjeunna kalunta-lunta ngalalana ngambah jurang jungkrang, gunung nangtung, leuleuweungan.

Dina hiji poe anjeunna anjog ka sisi sagara, sareng ningali aya dua mahluk nangtung di luhur sagara. Sang Hyang Nurcahya nampak sancang leumpang di luhur cai nyaketan eta mahluk. Anu kahiji namina Danyang Haruta, anu kadua Danyang Maruta. Baheulana mah eta mahluk teh namina Sang Hyang Isyana sareng Sang Hyang Isaya anu meunang bebendu ti Gusti katulah janten banujan nyaeta bangsa jin. Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngawuruk kaweruh Sang Hyang Nurcahya babagan lumakuna bumi, panon poe, bulan, bentang, anu katelah elmu palakiah, sareng elmu hikmah.

Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjena hoyong terang sorga. Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngadongeng yen sorga eta ayana dina hulu walungan anu pang ageungna di talatah Afrika. Sang Hyang Nurcahya percanten ka eta dongeng lajeng ngalalana milarian sorga nuturkeun eta walungan.

Sang Hyang Nurcahya papendak sareng paman jeung bibina, nyaeta putra-putri Sang Hyang Adama anu ka lima belas namina Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nuju tatapa di sisi eta walungan. Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeunna putrana Sang Hyang Sita. Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nampi kadatangan Sang Hyang Nurcahya, lajeng diwuruk elmu kaweruh sadurung winarah sadaya lalakon anu parantos atawa bakal kasorang.

Lajeng Sang Hyang Nurcahya neraskeun milarian sorga dugi ka talaga Jambirilahiri di hulu walungan anu ayana di pucuk Gunung Kaspia. Sang Hyang Nurcahya ngahuleng ngaraga mineng kaduhung ku bingung margina teu mendakan ayana sorga.

Aya sora tina jero kawah Gunung Kaspia anu api sareng latuna pating kolenyay murub-mubyar, ngaku-aku yen mantena eta Gusti Amurba Bumi anu kagungan sora sareng naraka. Eta sora teh dadamelan Danyang Azazil anu malih warna. Sang Hyang Nurcahya mesat ka jumantara ngadep Gusti Amurba Bumi nyuhun diweruhan ayana sorga. Sang Hyang Nurcahya lebet kana sosoca anu katelah Ratnadumilah, ningali kaendahan sadaya eusi sogra.

Saparantosna kaluar tina jero sosoca, Danyang Azazil anu malih warni jadi Gusti Amurba Bumi masihkeun Ratnadumilah ka Sang Hyang Nurcahya. Kasaktian eta sosoca teh sadaya anu dipikacipta aya, anu dipikahayang datang, teu keuna ku tunduh, teu keuna ku laralapa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya diwuruk elmu pangiwa panitisan, manjing suruping pati, lampahna cakramanggilingan.
Sang Hyang Nurcahya teu hayang mulang ka Kusniamalabari. Danyang Azazil nuduhan hiji talatah anu tiasa didunungan ku Sang Hyang Nurcahya anu katelah Lokadewa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya angkat ka eta tempat.

Di Lokadewa, Sang Hyang Nurcahya neraskeun tapana di pucuk gunung nutuykeun lampahna panon poe. Wayah janari nyanghareup ka wetan, tengah poe nyanghareup ka luhur, wayah sareupna nyanghareup ka kulon. Lamina eta tatapa tujuh taun, dugi anjeuna ngaraga sukma lebet kana alam Sunyaruri awang-uwung, nyaeta alam Banujan. Sang Hyang Nurcahya dumunung di eta alam lamina sarebu taun.

Kocap kacarita aya hiji ratu banujan anu ngadanyangan Lokadewa namina Danyang Maladewa, putrana Danyang Harataketu. Anjeuna nuju ngider bumi ningali aya cahaya murub-mubyar sanes surya gilang gumilang sanes bentang kadia sosoca sanes candra, nanging cahaya sukma trahna Sang Hyang Adama. Danyang Maladewa bade nyepeng eta cahaya nanging teu tiasa. Lajeng janten bandayuda ogol begalan pati sareng eta cahaya sukma anu ngaku-aku Amurbamisesa Alam. Danyang Maladewa kalah taluk ka Sang Hyang Nurcahya, anu saterasna ngadeg ratu di Lokadewa sareng migarwa putrina Danyang Maladewa anu katelah Dewi Mahamuni. Sadaya kulawarga sareng wadiabala Danyang Maladewa sami ngadep taluk hamarikelu ka Sang Hyang Nurcahya anu kasebat Dewata nyaeta guru linuhung Lokadewa. Eta wiwitanna para dewa disebat Sang Hyang margi julukan anu diagem ku Sang Hyang Nurcahya.

Kocap kacarita Sang Hyang Nurcahya julukanana Sang Hyang Dewata, Sang Hyang Dewapamungkas, Sang Hyang Atmadewa, Sang Hyang Sukmakawekas, Sang Hyang Amurbengrat, Sang Hyang Manon, Sang Hyang Permana, Sang Hyang Permata, Sang Hyang Mahawidi, Sang Hyang Mahasidi, Sang Hyang Mahamulia, Sang Hyang Kahanantunggal, Sang Hyang Jagatmurtitaya, eta putrana Sang Hyang Sita, incuna Sang Hyang Adama.

Sang Hyang Nurcahya gaduh putra tunggal ti garwana Dewi Mahamuni, anu namina Sang Hyang Nurasa margi kacipta tina aworna cahaya sareng rahsa anu disiram Tirtamarta Kamandalu.

Sumber Pustaka :

  • Serat Maha Purwa
  • Serat Paramayoga
  • http://sabdanusapenida.wordpress.com/tattwa-np/serat-maha-purwa

0 komentar:

Posting Komentar