www.sanggaryudistira.blogspot.com melayani jasa pembuatan wayang golek, topeng, patung, dan sebagainya, dengan harga yang paling murah dan hasil yang berkualitas. Jika anda ingin buat wayang golek, topeng, patung, atau pun kerajinaan tangan lainnya yang terbuat dari kayu maka tidak salah lagi, di sinilah tempatnya.

kami melayani pemesanan untuk partai besar ataupun kecil.


Sabtu, 08 Februari 2014

sanggaryudistira.blogspot.com : Lalakon Sang Hyang Adhama

Melanjutkan lagi dari posting sebelumnya mengenai kisah pewayangan, dan masih mengenai Sang Hyang Adhama. kisah ini dikutip dari Serat Maha Purwa, dan dalam bahasa Sunda.

Lalakon Sang Hyang Adhama

Kocap kacarita Sang Hyang Adhama saparantosna diturunkeun ka alam dunya sareng dihampura dosana, ngadeg raja di Kusniamalabari, ngaratuan sato kewan. Daharna tina pamuja. Sang Hyang Adhama nyiptaken taun surya sareng taun candra, teras nyipta Tanajultarki kangge miwitan pepelakan na taun 129 SA atawa taun 133 CA. Teu lami bojona Sang Hyang Adhama nyaeta Dewi Hawa babaran kembar dampit putra-putri. Kembar dampit kahiji rupana awon, kadua sae, katilu awon, kaopat sae, kalima awon, kitu saterasna dugi opat puluh dua kali, nanging anu kagenep sareng ka opat puluh hiji teu dampit.

Saparantosna gaduh putra lima dampit, Sang Hyang Adhama bade ngajodokeun putra-putrina. Putra anu gagah dijodokeun sareng putri anu awon. Putri anu geulis dijodokeun sareng putra anu awon. Jadi teu dijodokeun saluyu sareng dampitanna.

Ari pangersana Dewi Hawa, putra-putrina dijodokeun saluyu sareng dampitanna, anu gagah dijodokeun sareng anu geulis, anu awon sareng anu awon. Jojodoan iyeu jadi pasulaya antara Sang Hyang Adhama sareng Dewi Hawa. Pasulayana ngantos rebutan kawasa ngaluarkeun rahsa anu diwadahan ku cupumanik sareng dipujakeun ka Gustina.

Saparantosna dugi kana wancina, cupumanik dibuka. Rahsa pamuja dina cupumanik Sang Hyang Adama janten babayi nanging ngan raragana wungkul; sedengkeun rahsa pamuja dina cupumanik Dewi Hawa ngawujud getih. Dewi Hawa ngarasa nalangsa ku kaayaan eta.

Jabang bayi anu aya dina cupumanik Sang Hyang Adama kena ku dihim pinasti janten jabang bayi anu sampurna kacaangan ku cahya nurbuat sareng aya sasmita ti Gusti nami eta jabang bayi teh Sang Hyang Sita. Mantenna suka bungah anu teu aya papadana.

Teu lami, aya gara-gara, cupumanik Sang Hyang Adama katiup angin puyuh lilimbungan tumiba kana teleng sagara hideung. Cupumanik kacekel ku Danyang Azazil, ratu banujan anu ngawasa sagara hideung.

Ahirna Dewi Hawa manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adhama. Sadaya putra-putrina lobana opat puluh dampit, sareng aya anu dua anu teu dampit nyaeta Sang Hyang Sita sareng Dewi Hunun.

Putra-putri Sang Hyang Adama nyaeta:

  1. Sang Hyang Kabila
  2. Dewi Alima,
  3. Sang Hyang Habila,
  4. Dewi Damima,
  5. Sang Hyang Isrila,
  6. Dewi Sarira,
  7. Sang Hyang Israwana,
  8. Dewi Mona,
  9. Sang Hyang Basaradiwana,
  10. Dewi Dayuna,
  11. Sang Hyang Sita,
  12. Sang Hyang Yasita,
  13. Dewi Awisa,
  14. Sang Hyang Sesana,
  15. Dewi Aisa,
  16. Sang Hyang Yasmiyana,
  17. Dewi Ramsa,
  18. Sang Hyang Yanmiyana,
  19. Dewi Yarusa,
  20. Sang Hyang Suryana,
  21. Dewi Siriya,
  22. Sang Hyang Amana,
  23. Dewi Mahasa,
  24. Sang Hyang Kayumarata,
  25. Dewi Hindunmaras,
  26. Sang Hyang Yajuja,
  27. Dewi Majuja,
  28. Sang Hyang Lata,
  29. Dewi Uzza,
  30. Sang Hyang Harata,
  31. Dewi Haruti,
  32. Sang Hyang Danaba,
  33. Dewi Daniba,
  34. Sang Hyang Bantasa,
  35. Dewi Bintisa,
  36. Sang Hyang Somala,
  37. Dewi Susia,
  38. Sang Hyang Jamaruta
  39. Dewi Malki,
  40. Sang Hyang Tamakala,
  41. Dewi Tamakali,
  42. Sang Hyang Adana,
  43. Dewi Adini,
  44. Sang Hyang Harnala,
  45. Dewi Harnila,
  46. Sang Hyang Samala,
  47. Dewi Samila,
  48. Sang Hyang Awala,
  49. Dewi Awila,
  50. Sang Hyang Astala,
  51. Dewi Astila,
  52. Sang Hyang Nurala,
  53. Dewi Nureli,
  54. Sang Hyang Nuhkala,
  55. Dewi Nuhkali,
  56. Sang Hyang Nuskala,
  57. Dewi Arki,
  58. Sang Hyang Sarkala,
  59. Dewi Sarki,
  60. Sang Hyang Karala,
  61. Dewi Karila,
  62. Sang Hyang Dujala,
  63. Dewi Dujila,
  64. Sang Hyang Katala,
  65. Dewi Katili,
  66. Sang Hyang Arkala,
  67. Dewi Arkali,
  68. Sang Hyang Mrihakala,
  69. Dewi Mrihakali,
  70. Sang Hyang Ardabala,
  71. Dewi Ardiati,
  72. Sang Hyang Sanala,
  73. Dewi Peni,
  74. Sang Hyang Pujala,
  75. Dewi Puji,
  76. Sang Hyang Sasala,
  77. Dewi Sasi,
  78. Sang Hyang Sahnala,
  79. Dewi Sani,
  80. Dewi Hunun,
  81. Sang Hyang Sahalanala,
  82. Dewi Sahini.

Nanging Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Basaradiwana, Dewi Dayuna, Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, teu manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adhama. Sang Hyang Kabila teu saluyu, sareng hoyong dijodokeun ka jodo rayina nyaeta Sang Hyang Habila. Pasulaya rebutan jodo eta dugi ka rebutan pati. Sang Hyang Habila dipaehan ku Sang Hyang Kabila. Saparantosna rayina maot, Sang Hyang Kabila ngahuleng liyeur mikiran kumaha carana ngubur eta layon rayina. Teras aya manuk gaok totoker dina taneuh. Sang Hyang Kabila nurutan manuk gaok ngadamel liang lahat.

Sang Hyang Kabila sareng bojona Dewi Alima jeung Dewi Damima ditundung ku Sang Hyang Adhama, teras ngalalana dugi ka tanah Afrika, disarengan ku rayina Sang Hyang Basaradiwana, sareng Dewi Dayuna. Kitu oge Sang Hyang Yajuja sareng dampitanna Dewi Majuja nyusul Sang Hyang Kabila ka tanah Afrika. Sedengkeun Sang Hyang Lata Sareng Dewi Uzza ngalalana ka tanah Asia.

Saterasna Sang Hyang Adhama ngaratuan sato-kewan sareng anak-turunanna.

0 komentar:

Posting Komentar