www.sanggaryudistira.blogspot.com melayani jasa pembuatan wayang golek, topeng, patung, dan sebagainya, dengan harga yang paling murah dan hasil yang berkualitas. Jika anda ingin buat wayang golek, topeng, patung, atau pun kerajinaan tangan lainnya yang terbuat dari kayu maka tidak salah lagi, di sinilah tempatnya.

kami melayani pemesanan untuk partai besar ataupun kecil.


Selasa, 11 Februari 2014

sanggaryudistira.blogspot.com : Lalakon Sang Hyang Sita

Lanjutan dari cerita sebelumnya, disini..!

Cerita Wayang - Lalakon Sang Hyang Sita

Saparantosna dewasa Sang Hyang Sita dipasihan jodo bidadari ku Gusti. Nami bojona Dewi Mulat. Rumahtanggana silih asah, silih asih, silih asuh.

Kocap kacarita, Danyang Azazil ratu banujan di Sagara Hideung hoyong ngajodokeun putrina anu namina Dayang Dalajah ka turunan Sang Hyang Adama sangkan bisa ngaratuan bangsa manusa. Danyang Azazil ngaboyong putrina ka Kusniamalabari. Kusaktina Danyang Azazil, putrina malih rupa janten Dewi Mulat. Sedengkeun Dewi Mulat anu asli kasarung leungit tanpa lebih ilang tanpa karana disumputkeun ku Danyang Azazil.

Kasurung ku gandrung kasorang ku cinta, Sang Hyang Sita saresmi sareng Dewi Mulat mamalihan. Kama manjing ing kenyapuri Dayang Dalajah kena ku dihim pinasti, cabar tina mamalihanana lajeng mulang ka Sagara Hideung sareng ramana Danyang Azazil. Dewi Mulat anu asli parantos katingali deui, sare sareng Sang Hyang Sita.

Dewi Mulat ngandung jabang bayi. Dina wancina ngalahirkeun, wayah janari Dewi Mulat babaran kembar, anu kahiji mangrupi bayi lalaki, anu kadua mangrupa cahaya. Wanci sarepna dina poe anu sami, Dayang Dalajah oge ngalahirkeun wujudna rahsa, lajeng dibawa ka Kusniamalabari Ku Danyang Azazil. Rahsa sareng Cahaya gumulung ngahiji jadi bayi lalaki anu kalimputan ku cahaya gilang gumilang teu tiasa digarayang.

Eyangna, Sang Hyang Adama masihan aran ka eta bayi kembar. Anu kahiji namina Sang Hyang Nasa, anu kadua Sang Hyang Nara, margi kalimputan cahaya katelah Sang Hyang Nurcahya.

Saparantosna dewasa, Sang Hyang Nasa suka kana elmu agama anu diwedar ku eyangna Sang Hyang Adama. Sedengkeun Sang Hyang Nurcahya suka tatapa di leuweung luwang-liwung, di pucuk-pucuk gunung, atawa dina jero-jero guha.

Sang Hyang Nurcahya suka ngalalana ngalanglang buana, teras papendak sareng Danyang Azazil anu malih rupa janten maharesi anu sakti mandraguna pasagi ku pangarti pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Sang Hyang Nurcahya guguru ka Danyang Azazil, diwuruk diwulang olah kanuragan, kasakten, elmu panemu jampe pamake, kawedukan, kabedasan. Sang Hyang Nurcahya teu tutung ku api teu baseh ku cai teu teurak ku badama, bisa mancala putra mancala putri, bisa ngaleungit tanpa lebih ilang tanpa karana, bisa ngagegana mapak mega jumantara, bisa ambles bumi neuleuman sagara.

Saparantosna tamat guguruna, Sang Hyang Nurcahya mulang ka Kusniamalabari. Sang Hyang Adama kaget ngaweruhan kaayaan incuna. Sang Hyang Nurcahya benten pisang sareng kembaranna Sang Hyang Nasa. Nanging Sang Hyang Adama teu kasamaran yen eta sadaya lantaran Danyang Azazil.

Sang Hyang Adama ngadawuhan putrana Sang Hyang Sita ngabaran yen Sang Hyang Nurcahya isukan bakal mukir tina agama Sang Hyang Adama lantaran nganut ajaran Danyang Azazil. Sang Hyang Sita ngahuleung ngaraga meneng, kaduhung ku kalakuan Sang Hyang Nurcahya.

Dina umur 990 tahun Sang Hyang Adama tilar dunya. Sadaya elmuna diwariskeun ka Sang Hyang Sita; sedengkeun kakawasaanna diwariskenana ka Sang Hyang Kayumarata, putrana anu ka tilu belas. Pambagian eta dumasar kana kaunggulan putra-putrana. Sang Hyang Sita janten pangawasa babagan rohani; sedengkeun Sang Hyang Kayumaratan janten pangawasa babagan jasmani.

Sumber Pustaka :

  • Serat Maha Purwa
  • Serat Paramayoga
  • http://sabdanusapenida.wordpress.com/tattwa-np/serat-maha-purwa

2 komentar:

  1. Blog walking gan sambil baca baca infonya. Bagus nich kalau dipromosikan di internet. Semoga laris manis dech =))

    BalasHapus
    Balasan
    1. @unik dan aneh : terimakasih gan sudah berkunjung di sini...

      Hapus